Selasa, 24 Juli 2012

Ngaguar harti ucapan sampurasun jeung rampes

Ku: Ki Sunda Sawawa Kabiasaan urang sunda, kalimat awal anu diucapkeun lamun manggihan babaturan atawa dulurna, sok ngucapkeun “Sampurasun“.. dijawab kunu didatangan teh ku kalimat “rampes“, bari duka apaleun atawa henteu kana harti anu sabenerna tina eta kalimat teh. Kalimat “sampurasun“ teh lamun di hartikeun sajalantrahna nyaeta tina kecap “Assalamu’alakum, isun ( kaula/abdi/kuring ) menta dihampura“ Kusabab lamun ngucapkeun “ ASSALAMU’ALAIKUM KAULA MENTA DIHAMPURA “ mah panjang teuing, nya disingket samodel dina budaya basa kamiliteran jadi “SAMPURASUN“ Nengetan tina maksud ieu “salam sunda” kacida alusna, sabab nalika urang panggih jeung baraya langsung ngucapkeun salam (singgetan tina assalamu’laikum) bari terus menta dihampura, hiji tanda yen urang Sunda mah salian ti ngucapkeun du'a kasalametan keur baraya nu panggih teh, terus menta dihampura sok bisi aya kasalahan dina mangsa anu katukang-tukang, sanajan can tangtu urang teh boga kasalahan ka eta baraya nu kakara panggih tea. Tuh pan kacida alusna ...!! Lumrahna, sarerea oge bakal sapamadegan ngeunaan pihartieun tina kalimat rampes teh nyaeta " mangga ". Eta oge memang teu salah, tapi harti anu asalna mah " rampés " teh tina kalimat " rampas ", hartina rebut, sabab harita nagara urang keur dijajah ku walanda, antukna supaya teu kacingcirihi ku musuh keur silih sumangetan ka nu sejen, make simbul eta. Cag...